Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/37

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

teh dikěrět sarta koe beurit, singa-barong bisa ngěntjar deui, sarta roemasa, lamoen hanteu ditoeloengan koe beurit, meureun datang ka paeh,sarta roemasa njatjampahna tadi salah.

Hartina ijeu dongeng: njijeun kahadean sărta njаäh ka sasama hiroep, tangtoe aja gandjarannana; sanadjan ka noe leutik, karana hanteu moestail, radjeun oge koering bisa noeloeng gede ka menak.




40.

TJAREUH OETJING DJEUNG MEJONG TOETOEL.

Aja tjareuh djeung oetjing, patingaliděr loemakoe djaoeh bari ngaromong. Noe diomongkeun bab adil djeung roentoet sarta pada ngomongkeun kasalahan eta doewa parakara: maling djeung maehan; geus ditětěpkeun panggěde gědening lampah goreng.

Keur ngomong keneh kitoe, njaho jen aja mejong toetoel njatoe émbe, tjareuh nendjo kalakoean kitoe, katjida njawadna, pokna: Panggoreng-gorengna kalakoean noe sok ngahakan sato noe teu boga dosa, kami mah tara kitoe; beunang diseboetkeun eta si mejong-toetoel sato panggorengna, pangodohna, pangděngkina.

Salilana ngomong kitoe, lampahna beuki deukeut ka lěmboer, didinja nendjo hajam bikang hidji, loba anak-anakna, tjareuh gantjang ngarontok kana hajam bikang teja, sarta toeloej dihakan; děmi oetjing noeroetan polah tjareuh teja, toeloej ngarontok anak hajam, sarta dihakan; mangsa harita kaoetamaännana, kapintěrannana djeung kasalahannana pada leungit.