Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/36

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Basa keur pada rek hiběr ngomong ka batoerna, noe katiwasan teja: Kami pada karoenja ka maraneh, tapi bongan maraneh, naha moen tadi, samemeh njeuseup, pikiran heula koe maraneh hesena gampangna pibidjileun.

Hartina ijeu dongeng; hawa gampang njorangna, tapi samangsa geus disorang, balikna leuwih hese; eta oelah poho poho, koedoe pikiran heula, karana handjakalna sok kapanggih di toekang, tapi taja gawena, sabab geus bejak waktoena; koedoe ditijoeng memeh hoedjan.



39.

SINGA-BARONG DJEUNG BEURIT.


Aja, beurit hidji, wani-wani oenggah kana gigir singa-barong keur heës, singa-barong kaget toeloej njaring, sarta beurit teh ditjaploek.

Sasambatna beurit teh: eh goesti! moegi-moegi aja pangampoera dalem ka abdi, tina djalan pandjěněngan dalēm noe leuwih pěrkosa, sarta gěde wawanen, nepami rek maehan abdi noe apēs tjara kijeu, pandjěněngan dalěm geus tangtoe hamo sae kakongaskeunnana, djadi ngahandapkeun kana kaloehoeran dalēm.

Beurit teh dihampoera sarta geuwat dilepotkeun, barina ngomong: Koe aing dikėntjarkeun deui soteh, ngan tina karoenja bae, aing hanteu ngarěp -ngarep kana pamalės maneh.

Teu koengsi lawas, singa-barong keuna koe rawe, amběkna mejak-mejakkeun tanaga, ngarah lesot tina rawe, tatapi teu boga beubeunangan, matak sijeun malah beuki katjida meulitna; gěrona katjida, sagala sato-sato kaboer laloempatan sakarep-karepna, ngan beurit teja anoe hanteu sijeuneun teh, malah -malah noeloengan, gantjang njampeurkeun, toeloej rawe