Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

29

katjida teuing nja lěsoe, soegan meunang tanaga; tapi lamoen maneh manggih boeboewahan, kami koedoe dikirim saeutik-eutikeun; mangka gantjang bisi dewek kasěděk paeh langlajeuseun. Noe rada djagdjag teh sanggoep rek ngirim, lamoen manggih rědjěki sarta manggih bagdja.

Toeloej hiběr nejangan tatangkalan noe boewahan, parĕng manggih djamboe boöl keur boewahan sĕrta geus asak kabeh, omongna: Lah dalah kami djeung sobat meunang pitoeloeng. Sanggeus ngomong kitoe, eunteup dina tangkal djamboe teh, bari tonggoj njatoean boewahna, něpi ka seubeuheun; lilana dina tangkal djamboe sadjam. Srengenge rek soeroep, tjioeng geus rek nijat balik djeung rek ngirim ka batoerna. Mangsa harita ngarasa teunangan keneh, sarta ingět bae kana boewah djamboe noe arasak, noe matak kabita, lila-lila toeloej kaheësan. Ingětna geus isoek deui, toeloej bae hiběr ngadjoegdjoeg ka enggon sobatna noe langlajeuseun teja, bareng kapanggih, geus paeh.

Djělěma eta ari geus manggih bagdja tara ingět kana pitjilakaeun atawa kasoesahan noe sedjen.



38.

NJIROEAN LOBA DINA GOTJI.

Aja njiroean loba ngagěmbrong dina gotji dieusi madoe, agahannana rek diseuseupan, datang ka pada kalěboeh, tigoebroes kana madoe. Barěngna rek hiběr teu bisaeun, tina tjiproek koe madoe, njiroean pada sasambat tjeurik, ngarasa jen geus deukeut kana patina. Ari njiroean anoe loba, noe pada salamět asal tina ati-ati, eunteupna dina biwir gotji bae; ěnja teu pati seubeuh njeuseupna, tapi salamět teu tikoentjloeng.