Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/34

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

28

Barěng geus peuting, reja damar ratěng, tjaäng matak ngaboengahkeun, toeloej hiběr-hiběran, ngoerilingan damar teja, hanteu lila djangdjangna karerab, reungit ragrag kana damar, toeloej paeh. Soemawonna bisa njaho ka oesoem katiga deui, ka isoekna oge hanteu něpi.

Hartina dongeng ijeu: lamoen maneh geus bisa njingkahan sahidji balai, oelah pisan-pisan njipta, jen salamět ti sagala balai, karana moenggoeh noe hiroep, sasat dikĕpoeng koe balai, saha noe weja, keuna.



36.

KAPITING DOEWA.

Aja kapiting doewa, noe hidji geus kolot, noe hidji deui ngora keneh; noe kolot teh ngomong: Maneh leumpang oelah sok miring, koedoe mangka djĕdjĕg.

Wangsoelna noe ngora: Ari hajang mah panteg leumpang djědjĕg teh, tapi ari prak dilampahkeun teu bisa, ajeuna koela tjik woeroekan koe sampejan. Ana heg njontoan miring deui bae.

Hartina ijeu dongeng: oelah sok ngageunggeureuhkeun patjatjadan noe lijan, ari saroewa tjatjad mah.



37.

DOEWA TJIOENG.

Dina hidji taoen parĕng katiga bangět, reja tatangkalan hanteu baroewahan, aja doewa tjioeng, katjida langlajeuseunnana nahnaj teunanganeun. Lemek ka batoerna noe djagdjag keneh: Batoer tjoba ngadjadjal hiběr, ngoeběng saiděr deui bae, soegan aja boeboewahan, soepaja oerang oelah