Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/33

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

27

Hartina: lamoen maneh hajang ngaleungitkeun kasoesah, koedoe dipikir masing asak, bisa djadi manan leungit anggoer tambah.



34.

BANGKONG DJEUNG SIDAT.

Aja anak baongkong diadjar keneh ngomong, sakeudeung-keudeung disada, papanggih djeung sidat dina běběr; ari sidat teh noe sakaroepa djeung běloet ajana dina běběr sisi laoet. Bangkong mojok ka sidat, tina sabab pireu, tara disada, wangsoelan sidat: Disada oge hanteu poegoeh alang oedjoerna, asoep ngatjo bae, malah matak niwaskeun ka diri. Djělěma noe ngadenge ngewaeun, meureun toeloej diběntoer; rasa koela, měnding tjitjing manan ngatjo mah.

Hartina: hade tjitjing manan ngomong hanteu poegoeh mah. Lodong kosong ngělěntroeng.



35.

REUNGIT DJEUNG LANTJAH.

Keur wantji sore reungit tiriseun tjitjing di loewar, toeloej moeboes ka djěro imah, ngarah haneut sakeudeung-keudeungeun. Mimitina asoep ka imah leutik, anoe oerang lěmboer, didinja neuleu lantjah, jen eta lantjah djadi hama satroe, sagala reungit katjida risina, hiběr pindah ĕnggon, asoep ka boemi gědong. Ari geus datang kadinja, boengah katjida, noe sok ngarawe taja, pokna: Ngeunah nakěr haneut tjitjing di kamar ijeu, kami mowal bidjil-bidjil, matoeh dina kamar ijeu něpi ka oesoem katiga.