Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

26

bongan teu loempat mangka gantjang tangginas, tangtoe bisa njingkiran panjamběrna manoek garoeda. Djalak teh keur ngomong kitoe, gaproek disamběr koe alap-alap, djalak sasambat menta toeloeng, tjara sasambat peutjang teja, tapi taja noe noeloengan.

Hartina ijeu dongeng: oelah pisan-pisan sok njotjoh-njotjoh pahare-hare hiroep ka noe keur kataradjang balai, sababna awak maneh oge meunang kataradjang balai.



33.

HAJAM DJAGO DJEUNG BAROEDAK AWEWE.

Aja hidji nini-nini lampahna wĕkĕl digawe, oenggal-oenggal kongkorongok tjotjoöanana hajam djago, waktoe soeboeh, nini-nini ngahoedangkeun batoer-batoerna, dititah digawe satjabak-tjabakna.

Batoer-batoerna pada giroekeun kabeh ka eta hajam djago, tina kamělidannana, sangeuk hoedang isoek-isoek sarta sangeuk digawe.

Rěměn ngomong djeung batoerna, pokna: Si djago bangkawarah noe matak djadi kapoesingan oerang teh; lamoen taja eta mah, djoeragan mowal tanghi isoek- isoek, meureun oerang meunang seubeuh heës. Tina kagaretekannana sarta hajang leungit karoedětan, hajam djago teh diparijeuskeun beuheungna datang ka paeh, dosana ngan koe sabab sok kongkorongok soeboeh.

Sarehna si djago geus paeh, djoeraganana sasat kaleungitan djam, wantoe-wantoe geus kolot, hanteu bisa sare tibra, oenggal-oenggal ngalilir, batoer-batoerna diharoedangkeun, meh pada hanteu bisa heës, tina rěměn dihoedangkeun, tambah garetekna, tjatjakan lamoen bisa mah, si djago teh meureun dihiroepan deui bae.