Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/31

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

25

sobat rek diangkĕn satroe, satroe diangkĕn sobat; soekoe aing noe ditjawad meh bisa noeloengan kana diri, ari noe dipoedji aloes tandoek nja eta noe matak tjilaka teh.

Hartina ijeu dongeng: Arang-arang djĕlĕma njaho noe matak mawa salamĕt atawa noe mawa balai kana awakna.



31.

TANGKAL MALAKA.

Aja njiroean ngĕnggon dina tangkal malaka, madoena reja; tangkal malaka teja giroek atina, samalah moerang-mareng sirik kana kai noe sedjen. Aja tangkal hampĕlas noe ngageunggeureuhkeun kana tangkal malaka, tjarekna: Naha maneh teh soebaha, rasa kami noe matak maneh dipikaäsih koe manoesa, sabab nja eta diĕnggonan njiroean, da boewah maneh mah kĕsĕd. Teu lila njiroean oendoer tidinja, pindah kana kai sedjen; sanggeus kitoe aja djĕlĕma rek ngala madoe, tapi geus kosong, djĕlĕma ambĕk moerang-mareng, toeloej tangkal malaka teh ditoewar, sabab geus taja mamanisna.

Hartina: koemaki noe matak djadi katiwasan, hanteu njaho ditoeloengan sobat noe matak djadi kasalamĕtan, sarta matak diadjenan.



32.

PEUTJANG DJEUNG DJALAK.

Aja djalak eunteup dina roejoek; teu lila aja manoek garoeda njambĕr peutjang noe deukeut kana djalak, toeloej peutjang teh dibawa hibĕr. Peutjang sasambat menta toeloeng, tapi taja gawena, geus pinasti djadi kahakanan manoek garoeda. Djalak teh goreng atina, moewas-moewas kana peutjang meunang balai, omongna: Soekoer maneh, sabab