Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

24

29.

DJAPATI BODAS DJEUNG GAGAK.

Aja djapati bodas roto sěmoe hideung, asal diběntoer koe boedak, diběntoer koe taneuh bělok, djapati digeunggeureuhkeun koe gagak, sěmoe diëra-era, omong gagak teh: Maneh djapati saroewa djeung roepa aing. Wangsoel djapati: Nja běněr omong maneh, tapi rěgěd soteh ngan boeloe bae, ari kana koelit daging mah teu těroes, samangsa mandi oge tangtoe běrsih deui, balikanan maneh masih mandi sataoen lawasna mowal bisa djadi bodas.

Hartina ijeu dongeng: djalanan ngagorengkeun ka noe běrsih, sadawoeh tembongna roto, tatapi lawas-lawas běrsihna katara sarta matak wěleh noe ngagorengkeun.



30.

OENTJAL DI SISI TJAI.

Aja oentjal nginoem dina waloengan herang tjaina, nendjo kalangkangna, toeloej ngomong, pokna: Behna mah babagian papasten anoe aja dina hoeloe aing oetama, katendjona ngarangkadak dina hoeloe teh tandoek, tatapi ngan soekoe asa koerang prajogana; lamoen ditimbang djeung tandoek mah, geus tangtoe kami djadi sato pangkasepna bae, sanggoep ngadoe kapantěsan djeung kantja sato noe lijan.

Keur ngomong kitoe ngadenge korosok paboeroe ti kadjaoehan sarta nendjo andjing reja, pada moeroe bari ngagogog; oentjal loempat tarik, naradjang těgal, andjing tinggaleun; oentjal asoep kana leuweung, ari rek njoempoet dina roejoek, tandoekna kapoekět areuj-areujan, kaboeroe koe andjing reja, sarta dipagorenjangkeun. Barěng rek paeh sasambatna: Doeh tjilaka těměn awak kami, lantaran tina gědjoel aing,