23
28.
DJĔLĔMA DOEWA LEUMPANG MANGGIH KANTONG DIEUSI DOEWIT.
Aja djĕlĕma doewaän leumpang babarĕngan; noe hidji teu lila ngarongkong, aja noe ditjokot tina taneuh, ngomong ka batoerna, pokna: Ijeu tendjo kami nimoe kantong dieusi oewang.
Batoerna ngawangsoel: Lamoen djĕlĕma leumpang babarengan djeung batoer, di djalan manggih naon-naon, bĕnĕrna lain kitoe pokna, koedoe: Ijeu oerang pada manggih kantong dieusi doewit, sarta doewitna parokeun. Wangsoelan noe nimoe: Hanteu hajang ngomong kitoe, da saĕnjana kami anoe nimoe teh. Sanggeus kitoe, hanteu lila ngadenge sora djĕlĕma, alok-alok kasĕbrotan, pokna: Tjekĕl djĕlĕma noe njĕbrot kantong doewit. Noe nimoe kantong teh ngomong: Doeh batoer oerang djeung silaing doewaän bakal katiwasan, tangtoe kaboektian, kantong disĕboet beunang njĕbrot. Batoerna ngawangsoel: Bĕnĕrna ajeuna silaing oelah ngomong kitoe, njambat-njambat ka dewek, koedoe njĕboet: ajeuna kami bakal katiwasan, karana kami ajeuna ĕmboeng kabawa-bawa ditangkĕp, da tadi oge basa nimoe koe maneh hanteu dibawa-bawa.
Toengtoengna nja eta djĕlĕma noe nimoe kantong ditalian teh, sabab kaboektian; batoerna teu pisan noeloeng, malah poewaseun bae.
Hartina ijeu dongeng: ari leumpang babarĕngan djeung batoer koedoe sapapait samamanis, lamoen ĕmboeng mere mamanis ka batoer, oelah hajang dibelaän papait.