Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

22

matjokan batoe djeung tjadas dikětjěmploeng-tjěmploengkeun kana gěntong; barěng geus lila tjai dina gěntong oenggah kaloehoer, teu koengsi satěngah djam gagak teh bisa seubeuheun nginoem.

Hartina ijeu dongeng: sagala kalakoean lamoen aja hesena, oelah dipake wěgah, koedoe keureujeuh bae, oelah sijeun koe hese, oelah pěgat-pěgat nijat nganggeuskeun pagawean, noe tadina ditaksir piteubeunangeun dipigawe, tina dikeureujeuh tangtoe djadi.



27.

BEURIT DJEUNG TJOEBLOEK.

Aja beurit hidji geus ngadenge bedja bab pibalaieun manehna djeung batoerna kabeh, nja eta oetjing, djeung sadjaba tidinja babakoe manoesa satroe panggědena, tina reja akalna. Parěng dina hidji mangsa ti peuting, eta beurit leumpang, manggih tataheunan tjoebloek, di djěrona aja parab deëng sakeureut, beurit ngomong: Kami mowal kalakon njatoe deëng eta, tapi lamoen diambeuan bae mah, mowal djadi koemaha. Ari geus kitoe, beurit teh toeloej ngadeukeutan tjoebloek, sědja rek aboes kana taheun tjoebloek, rek ngambeuan deëng; lila-lila antěl iroengna kana sěsětilna, peundeut tjoebloek teh ninggang, beurit beunang koe taheun.

Hartina ijeu dongeng: Sagala pagawean goreng eta koedoe singkiran sakali djeung oelah pisan-pisan wani deukeut, bisi kapoekět koe panggawe goreng, njaho-njaho geus kakoeroengan.