Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

21

25.

TANGKAL GĔBANG DJEUNG WALOEH.

Areuj waloeh ngarambat kana tangkal gěbang, tatjan pati lawas, geus něpi kana poetjoekna, areuj waloeh ngomong: Nja aheng katjida sakanjaho kami ngadenge noe ngaromong, oemoer ijeu gěbang geus saratoes tahoen, tatjan saratoes powe kami geus njoesoelan djangkoeng ka ijeu gěbang.

Ngawangsoel tangkal gěbang teh: ěnja tereh, tapi saroewa bae terehna djeung toempoerna, samemeh bejak mangsa ngidjih ijeu daoen maneh tangtoe toehoer kabeh.

Areuj waloeh nanja: Noe matak maneh njaho taksiran, njěta ka noe lijan, ti saha maneh aja goegoeroe?

Wangsoelan tangkal gěbang: Njaho tina ngalaman sorangan bae, djeung geus nendjo mangsa ngidjih sabaraha kali, ari areuj waloeh noe ngarambat ka kami geus loba pada karoemaki sarta tereh roeksakna tjara maneh.

Hartina ijeu dongeng: Oelah soewaban omong atawa takaboer, doemeh tereh naek, krana radjeun oge noe tereh naekna, tereh deui ragragna.


26.

GAGAK DJEUNG GĚNTONG.

Aja gagak doewa halabhabeun hajangeun nginoem, pada nejangan tjai pada hiběr doewanana, manggih hidji gěntong, aja tjaina loba, tatapi bawaning katjida djěrona, eta gagak teu kadoegaeun aboes; ari rek digolempangkeun teu kabawa, atawa rek diarah beulahna, tanggěl. Noe hidji gagak poendoeng sarta toeloej hiběr, noe hidji tinggal nejangan akal, bawaning hanaäng; toengtoengna manggih akal, gagak teh