Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

20

pokna: He batoer-batoer kabeh, koemaha pedah oerang teu pētot-pětot manggih kasoekěr, diojak -ojak koe satroe oerang, noe taja pisan rasrasannana karoenja, oerang kabeh geus diangkěn teuteundeunannana bae, wěnang dihakan sakarép-karěpna; ari pirěmpoeg koela, leuwih hade oerang barěng paeh bae, manan hiroep kijeu mah sa oemoer-oemoer, ngan ngandoeng karisi bae, hajoe oerang ngoentjloengkeun maneh kana sitoe bae, di dinja minangka koeboer oerang.

Batoerna kabeh rěmpoeg, geus pada ihlas atina, rek pada neuleumkeun maneh kana sitoe noe deukeut ka dinja, toeloej pada laloempatan, moeroe kana sitoe teja, ngagoeroeh patingkarěbět patingkorosok, matak kaget bangkong-bangkong, noe pada aja di sisi sitoe; eta bangkong-bangkong pada giras laloentjatan naringgangkeun maneh kana tjai.

Peutjang ngadarenge sora patingkarětjěmploeng ka tjai, noe hidji ngomong: He batoer-batoer eta sora naon patingkarětjěmploeng, kawas aja sato noe sarijeunneun koe oerang?

Batoerna nembal: Enja bangkong laloentjatan, siga sijeunneun koe oerang, toer oerang teja taja pisan pangarah ka dinja, palangsijang oerang nja tjara kitoe boeroengna, mastikeun anoe tatjan tangtoe, waka nijat maehan maneh, koe sabah sijeun dipaehan koe batoer; djadi oerang leuwih hade sabar bae sarta ati-ati, soepaja oelah kabongohan koe moesoeh.

Hartina ijeu dongeng: salawas hiroep koedoe ati-ati oelah kasorang koe prihatin, tatapi lamoen geus manggih prihatin, kasoesahan gěde tjara koemaha oge, oelah rek moetoeskeun paněněda, djeung koedoe ingět tangtoe aja noe ngoengkoelan deui kana kaprihatinan oerang.