Lompat ke isi

Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

19

kaloewa tjangkaleng, bapana nitah njokot saeutik, boedak lalaki toeloej ngodok kana gotji njokot sakeupeul, tapi leungeunna teu beunang dipaoet, ditarik-tarik pageuh bae, toengtoengna boedak teh tjeurik. Tjarek bapana: Noe matak maneh tjeurik teh kagorengan maneh, karep maneh njokot teh hajang reja sakali, tjoba lamoen njokot saeutik-saeutik mah, mangka mindĕng, djadi sakarĕp maneh: pikarĕpeun hanteu djeung kira-kira sok tara djadi, asoep kana paribasa: gĕde teuing tjanggeum; kalakoean eta ngeureujeuh, madjoe hade noe leukeun lalaoenan, soepaja oelah ngarandĕg.


23.

HAJAM DJAGO DJEUNG NOE BOGA.

Aja sahidji hajam djago lemek bĕdas , moedji gĕde wawanenna, geus poegoeh kasep roepana, sarta dikawoelaan dipikasijeun koe bikang-bikangna. Noe boga nangtoengan aja di dinja teu pati djaoeh, seuseurian ngadenge hajam moedji maneh, katampana koe djago diera-era, toeloej nanjakeun djago teh: Djoeragan sabab koemaha noe mangka sampejan ngagoemoedjĕngkeun omong kawoela, naha kawoela teh bohong? Djoeragannana ngawangsoel: Lain kitoe, bisi aja noe teu ngandĕl kana omong maneh, tina lalampahan anoe hade eta, loembrah dipoedji koe noe sedjen, lamoen dipoedji koe maneh, koerang antĕbna; tjek paribasa teh: „goong nabeuh maneh."


24.

PEUTJANG DJEUNG BANGKONG.

Aja peutjang keur ngarijoeng reja pisan batoer, gawena keur mirĕmpoeg pĕrkara karisina, teu pĕtol-pĕtot manggih kasoesah sok diojak-ojak koe andjing. Noe hidji ngomong