Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
18

ngaroedĕtkeun kana ati batoer. Toeloej koeja diranggeum koe manoek garoeda sarta kĕbat dibawa hibĕr. Barĕng geus nĕpi ka loehoer, diragragkeun, kadjadjadiannana njata saomong manoek garoeda, koeja ragrag kana taneuh, awakna rĕmoek.

Hartina ijeu dongeng: oelah sok nganijatan noe teu pikalakoneun, karĕp kitoe eta bidjilna ti ati takaboer, noe noengtoen kana karoeksakan.

__________

21.

SINGA-BARONG DJEUNG ĔMBE.

Aja singa-barong ngadeuleu ĕmbe tjitjing dina gawir loehoer, karĕpna singa-barong rek njatoe ĕmbe, rek ditaekan teu bisaeun, toeloej bae ngomongan manis: Keur naon nja gawe maneh aja didinja? maneh anggoer toeroen kadijeu, reja djoekoetna djeung roejoek reja noe djaradi, sakoer noe sok dihakan koe maneh.

Ĕmbe lemek bari seuri: Ari omong maneh nja aloes pisan, sabab ĕnggonna sorangan, tatapi teu ngarah ka salamĕt kami, ngan ngarah seubeuh beuteung maneh bae, malar soepaja kami aja dina ĕnggon anoe katjonggah koe maneh, ijeu gawir mowal beunang dioenggahan koe maneh.

Hartina ijeu dongeng: Oelah pĕrtjaja kana pirĕmpoeg djĕlĕma akal djoeroedjana; pirĕmpoegna ngan ngarah hasil kana awakna sorangan bae, teu pisan mere hasil ka noe lijan mah.

__________

22.

BOEDAK LALAKI DJEUNG KALOEWA TJANGKALENG.

Aja noe ngaloewa tjangkaleng diwadahan koe gotji, lijangna rada leutik. Anakna noe lalaki katjida hajangeun