Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
17

19.

BOEHAJA, MAOENG DJEUNG DJĔLĔMA NGALIWAT.

Aja djĕlĕma leumpang njorang djalan singgĕt, noe sabeulah ti katoehoe goenoeng loehoer djeung sabeulah ti kentja tjai waloengan gĕde, ngaran Logangga. Teu koengsi lila nendjo maoeng toeroen ti goenoeng, njampeurkeun rek ngahakan ka manehna; bawaning geus kasĕlĕmpĕk rek ngĕtjĕboer ka tjai, nendjo boehaja keur ngambang; matak djadi soesah katjida, lemekna kijeu: Tĕgĕs tjilaka awak kami, sabab dipihapitkeun koe balai noe bakal djadi lantaran pati. Bawaning geus koempoel kasoesahan, toeloej bae ngagĕdĕboegkeun maneh kana taneuh, maoengna gantjang ngarontok ka djĕlĕma noe ngagoler, tapi kalangkah kalĕpasan, maoengna kĕtjĕboer ka tjai, ditampanan koe boehaja, toeloej dibawa teuleum; djĕlĕma toeloej bae loemakoe teu koengsi meunang balai.

Hartina ijeu dongeng: nadjan maneh kadatangan koe balai gĕde, oelah pĕgat-pĕgat nĕnĕda salamĕt; ari balai teja teu tangtoe, noe mangka djadi lantaran salamĕt awak maneh; aja noe siga matak tambah tjilaka, tapi radjeun djadi lantaran salamĕt.

__________

20.

MANOEK GAROEDA DJEUNG KOEJA.

Aja koeja boga nijat bisa hibĕr, rĕmĕn ngomong ka manoek garoeda, nĕda diwoeroekan. Oenggal ngomong ka manoek garoeda tjarek garoeda: Sok ngomong teu patoet djeung teu pantĕs kana pipatoeteunnana! Bawaning keukeuh noe hajang, keukeuh noe njarek, toengtoengna nja dianteur karepna tina

Dongeng-dongeng pieunteungeun.
2