Lompat ke isi

Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
16

saeutik-eutik atjan. Noe moroan kaleungitan lari. Mĕntjĕk barĕng geus roemasa kaloewar tina balai, toeloej njatoean daoen awi, noe mindingan awakna teja. Aja keneh hidji noe moroan tadi teja, ninggalkeun maneh dina deukeut kebon awi, ngadenge krosok-krosok dina awi, sarta njaho jen aja mĕntjĕk, gantjang njĕloekan batoer, teu koengsi lila mĕntjĕk katjĕkĕl.

Barĕng rek dipaehan mĕntjĕk bidjil omongna kijeu: pati kami ijeu rek diangkĕn pahoekoeman adil, tina kami malĕs goreng ka noe mihoetangkeun kahadean.

Hartina ijeu dongeng: noe njijeun kahadejan sok manggih wawalĕs goreng, eta geus loembrah boeboehan alam-doenja, tapi noe tjidra mangke meunang wawalĕs ti Goesti Allah, noe sipat adil.

__________

18.

LANDJAM DOEWA.

Aja landjam doewa, sa pandaj, sa wadjana djeung sa ĕnggona digawe; noe hidji diteundeun didjoeroe, meunang sataoen teu dipake-pake, toengtoengna tai-hijangan. Ari geus lawas noe boga ingĕteun kana teundeun landjam, gantjang bae ditjokot; landjam tai-hijangan teh heran nendjo batoerna, noe sok dipake oenggal isoek, katendjona awakna aloes sarta gilap, omongna; Kami heran katjida nendjo awak maneh; tadi roepa maneh djeung roepa kami saroewa, naon noe matak herang awak maneh, ari kami ngeunah ngeunah nganggoer bae, djadi goreng patoet. Wangsoelan noe ditanja: Nja eta panganggoer maneh noe matak djadi goreng roepa teh; ari noe matak hade roepa kami, djalanan diadjar njabak gawe, djadi ngoengkoelan ka maneh.

Hartina ijeu dongeng; djĕlĕma noe sok nganggoer ngahoedangkeun nijat goreng, ari pagawejan tangtoe noengtoen kaboengahan sarta kangeunahan.