Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/21

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
15

njeungseurikeun ka kami, aing teu samar kana boewah ijeu, ari tjangkangna rada teuas sarta tjoetjoekan, tatapi sikina poelěn sěmoe amis, asa boewah gajam.

Hartina ijeu dongeng: sagala kabisaän djeung kanjaho mimitina mah hanteu matak rĕsĕp, malah matak hese, tapi lamoen ditĕmĕnan, djadi bisa sarta hasil.

__________

16.

GALATIK.

Aja toekang mikat manoek galatik, djontrotna teu tjitjing-tjitjing, disada bae bari njisilan pare; galatik kentja katoehoeeunnana pirang-pirang noe ngadenge. Gantjang pada njalampeurkeun pamikat. Barĕng datang kana pasangan pikat, manoek noe loba teh pada ngomong: Reja tĕmĕn pare didijeu, djeung kami pada ditjĕloekan njatoe koe kantja, sarta omongna manis, lah hajoe oerang pada moro kaditoe.

Barěng asoepna kana koeroeng pamikatan, saäjaną, galatik beunang kabeh, sarta bakal manggih pati. Dina mangsa harita, ngan galatik noe hanteu daekeun deukeut, noe hanteu beunang teh. Djontrotna nanja: Saha noe mapatahan pintĕr ka maneh, sabab teu daek deukeut kadijeu? Wangsoelannana: Bapa kami noe mapatahan; kijeu mapatahannana bapa teh: Agoes lamoen maneh dieneng-enengan bagdja gĕde, noe gampang hasilna, mangka pĕrjatna, karana alamat hanteu pibageureun.”

Hartina ijeu dongeng: djalma masing awas kana pangwoedjoek; ari pangwoedjoek teja, tangtoe manis, tapi mangkena tangtoe kadoehoeng.

__________

17.

MĔNTJĔK DJEUNG TANGKAL AWI.

Aja mĕntjĕk diboeboerak koe paninggaran, loempat ngadĕdĕmpes dina dapoeran awi, boeni teu tembong