Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
14

Wangsoelannan: Kami diwisik woewoeroek ahéng pisan, malah lamoen ti tadina kami njaho jen kitoe pamagahannana, meureun rĕsĕp katjida, mowal sijeun; ari woeroekna teja pokna: maneh oelah daek deui reureudjeungan leumpang djeung sobat noe sok tjidra, hanteu daek sili toeloengan, ngan soepaja salamĕt manehna bae.

__________

14.

BAROEDAK LALAKI DJEUNG BANGKONG.

Aja baroedak lalaki rada loba keur aroelin, pada doegal-doegal oelin dina sisi sitoe, karĕsĕpannana mĕntoeran bangkong, noe keur ngambang dina sitoe, loba noe keuna kana hoeloena, bangkong teuleum, baroedak teh soeka seuseurian tingtjarikikik. Aja hidji bangkong lemek: eh baroedak, kalakoean maneh kitoe teh teu dipikir; maneh kabeh nijat oelin soekan-soekan, ari kami sabatoer kabeh njorang balai gĕde.

Hartina ijeu dongeng: taja kalakoean anoe goreng, kadjaba djalma nganteur kasoekana, kadjeun matak teu ngeunah ka deungeun-deugeun.

__________

15.

MONJET DJEUNG BOEWAH SANINTĔN.

Hidji monjet nimoe boewah sanintĕn tina djoekoet, boewah sanintén aja keneh koelitna; toeloej digegelan, sĕdjana rek dihakan eusina, tatapi hese dihakanna, bawaning teuas sarta tjoetjoekan tjangkangna.

Aja hidji monjet nendjo kalakoean batoerna ti kaänggangan, njeungseurikeun bae ka noe ngokosan sanintĕn; tjarek monjet anoe nimoe sanintĕn teh: Oelah katjida teuing maneh