Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/19

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
13

koerang gawena; mowal njoesoel kana kaleuwihan kami; masih maneh hade roepa oge. Mĕrak nanja: Naon kaleuwihan maneh? Bango-sair lemek: Kaleuwihan kami hibĕr, geura seg soesoel hibĕr kami masing nĕpi kana mega.

Geus ngomong kitoe, toeloej hibĕr, moeloek pisan, mĕrak tinggaleun sarta isin.

Hartina dongeng ijeu: djĕlĕma oelah sok agoel teuing koe kahadejannana saeutik, bisi kaoengkoelan katjida koe batoer.

__________

13.

SOBAT.

Aja noe sosobatan pada loemakoe babarĕngan sarta geus djangdji, lamoen aja bantjang-pakewoeh rek sili toeloengan. Barĕng keur loemakoe teu koengsi lila papapag djeung baroewang, nja eta hidji sato anoe beuki djĕlĕma. Rek ngĕdjat, geus deukeut teuing, mowande katjĕrĕk, tapi salah doewanana, lamoen daek djadi hidji, satingkah sapolah sakarĕp, meureun katjonggah ngalawan baroewang; tapi sobat anoe hidji barĕng njaho jen baroewang, toeloej bae naek kana kai gĕde, noe deukeut kadinja; batoerna noe ditinggalkeun teja, bawaning geus kasĕlĕmpĕk, teu meunang papan, heg ngalaboehkeun maneh, nangkoeban kana taneuh sarta megeg ambĕkan, krana baroewang eta teu daekeun njatoe babatang. Baroewang njampeurkeun ka anoe laboeh nangkoeban, toeloej diambeuan sarta diletakan soengoetna, tjeulina, toengtoengna los bae ditinggalkeun koe baroewang, teu dikijeu-kijeu, tina teu katara jen hiroep.

Barĕng baroewang geus asoep kana leuweung deui sarta geus teu aja balai, noe naek kana kai teja gantjang toeroen, nanja ka batoerna bari seuseurijan loemah-lameh: Eta baroewang teh ngaharewoskeun naon ka maneh?