Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
12

11.

TJAREUH DJEUNG TITIRAN.

Aja tjareuh keuna koe pitapak, katjida sangsarana: teu aja deui pikir, roemasa jen bakal manggih pati bae.

Aja manoek titiran, pidik atina, njaho jen tjareuh keuna koe tataheunan manoesa. Titiran gantjang hibĕr njampeurkeun indoengna bari poepoelih, tjarekna: Indoeng soekoer bagdja kamandjangan, satroe oerang bakal ngahareupan pati, soemangga oerang ningali, bari singsijeunan lĕlĕwang, soepaja katjida rĕwaseunnana!

Wangsoelan indoeng titiran: Ĕmboeng aing rek dibawa kitoe, maneh oge oelah balik deui kaditoe, teu boga kaera, boga omong kitoe, karana hanteu hade moewas-moewas ka noe keur meunang balai, sanadjan ka satroe kaboejoetan oge, kadongdora wani, ngalawan moesoeh sabab keur manggih tjilaka, lamoen aja djalma kitoe, tanda djĕdjĕrih sarta goreng ati.

Hartina dongeng ijeu: djalma oelah moewas-moewas ka noe keur kataradjang balai, sanadjan satroe; soemawonna sobat wadjib ditoeloengan.

__________

12.

MĔRAK DJEUNG BANGO SAIR.

Dina hidji powe aja mĕrak paseja, pasija-sija djeung bango sair, paäloes-aloes roepa; tjarek mĕrak: Tingkah maneh matak idjid teuing, tjoba salambar boeloe maneh djeung boeloe kami saroewakeun gĕdena djeung roepana djeung gilapna, kira kami tangtoe aloes kami, tetela kaoengkoelan boeloe maneh.

Wangsoelan bango-sair teh: Eta omong maneh bĕnĕr pisan, ngan saprakara djangdjang, noe hade roepa, handjakal