Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/17

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
11

pageuh ditjangtjang soekoena, maksa bae hibĕr satakĕr tanagana; ĕnja bisa lesot tina tjangtjangannana, tapi soekoena sabeulah deui sĕmpal, tinggaleun dina tjangtjangan, geus djadi tjatjad sapandjangna hiroep, sarta djadi gawe doeloer-doeloerna noe wĕlaseun ngingonan, dipĕrnahkeun dina doengoes.

Hartina ijeu dongeng: oelah karejaän teuing sĕdja rek mawa maneh, lamoen maneh tatjan katjonggah koe akal, saloepoetna oge manggih tiwas tjilaka sa oemoer-oemoer.

__________

10.

BANGKONG DOEWA.

Keur mangsa katiga bangĕt saät sagala sitoe, bangkongna noe aja dina sitoe eta pada nejangan ĕnggon sedjen. Ngan bangkong doewa, noe manggih hidji soemoer djĕro sarta aja keneh tjaina, ngomong ka batoerna: eh batoer-batoer saäjeuna montong leumpang djaoeh-djaoeh, tah aja soemoer, hajoe pada njĕmploeng ka djĕro soemoer. Wangsoelan batoerna: Gampang njĕmploeng, tapi koedoe pikir heula, ijeu soemoerna djĕro soteh ajeuna, ari mangkena saät hese bidjilna. Eta doewa bangkong hanteu ngagoegoe ka omong anoe bĕnĕr, keur rada pinoeh tjaina hanteu loentjat, tjitjing di djĕro soemoer bae, rasa maneh ngeunah tiïs. Hanteu lila, tina bangĕting katiga, soemoer teh saät; bangkong noe aja di dinja rek bidjil hanteu bisa, tina sabab djĕro; toengtoengna paeh garing dina djĕro soemoer.

Hartina ijeu dongeng: sagala karĕp, anoe rek disorang, pikiran heula pidjadijeunnana; oelah ingĕt teuing kana kangeunahan ajeuna, bisi tjara eta bangkong, tiwas koe kangeunahan saeutik.

__________