Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/16

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
10

Kalde teh ngarasa njĕri katjida, sabisa-bisa ngarah njingkahna gagak tina tonggongna, tatapi gagak teh teu daekeun oendoer.

Noe ngangon aja di dinja teu djaoeh, tatapi gagak matjokan teh diantĕp bae, ngan tiba dideukeutan, ngagĕbah mah teu daek, anggoer seuseurian tjatjalakatakan nendjo polah kalde, dianggep sisiwo bae.

Kalde ngomong: Eh kanjĕri kami djadi lipĕt doewa, tina sabab anoe wadjib noeloengan ka kami anggoer seug bae njeungseurikeun!

Hartina ijeu dongeng: teu aja noe leuwih njĕri-ati ngan kadjaba tina ditjatjampah, tatapi saha-saha noe njatjampah, njeungseurikeun ka noe keur njĕri, kasoekĕran atawa kawirangan, eta pantĕs dipikangewa koe djĕlĕma hade.

__________

9.

MANOEK KERAK TINGGAL PAROENGPOENG.

Dina hidji leuweung aja manoek kerak moeroe paroengpoengna, tatapi paroengpoengna diandih koe tjioeng, nĕpi ka ĕndogan dina paroengpoeng paranti kerak teh. Anak tjioeng barĕng keur hoemihid djangdjangna, noe hidji anak tjioeng teh geus teu sabar ngadago oesoem, hajangeun hibĕr bae, rek bidjil tina paroengpoengna; ditjarek bari dipagahan koe indoeng bapana, tapi teu diestoekeun. Barĕng kolot-kolotna keur parĕng njaba, anak tjioeng noe hidji bidjil tina paroengpoeng, hibĕr; sarehning boeloe djangdjangna tatjan pĕpĕk, hibĕrna teu djaoeh, toeloej ragrag bae kana taneuh, kapanggih koe boedak angon, dipake karĕsĕpan oelin; soekoena hidji ditalian koe rara, toeloej disangsara sapowe djĕpoet. Barĕng geus pĕpĕk djangdjangna, boga karep rek hibĕr, ngan soepaja