Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/15

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
9

Landak ngawangsoel bari seuri: Saha noe teu ngeunah dina lijang jeu, hade maneh bidjil, kami mowal datang ka njingkah, ĕmboeng oendoer tina lijang ijeu, tina manggih kasĕnangan.

Hartina ijeu dongeng: lamoen maneh rek ngawawoehan djĕlĕma, koedoe dipikir heula bejakkeun, sok reja djĕlĕma manggih kasoesahan, djalan tina koerang pamikir, gantjang njobat.

__________

7.

ĔMBE LALAKI DJEUNG SAPI LALAKI.

Aja ĕmbe badot hidji leuwih bĕdas, sasamana ĕmbe atawa doeloerna kabeh taja noe kadoega njangga karosaännana, noe matak djadi ĕdir, rasana geus teu boga lawan, nĕpi ka bisa nangtang pĕrang tandingan ka sapi lalaki. Parĕng papanggih toeloej anggang-anggangan, sĕdja rek neunggar; gĕprak sapisan neunggarna, ĕmbe roeboeh satĕngah paeh, tandoekna rĕmoek; sapi lalaki noe meunang pĕrangna, toeloej bae leumpang.

Barĕng ĕmbe lalaki geus ingĕt tina kalĕngĕrna, sobatna hidji ngaliwat di dinja, nendjo manehna ngadjoprak dina taneuh, toeloej ditanja: Keur naon euj ngadjoprak di dinja? Wangsoelna: kami hajang njaho di awak sorangan njoba-njoba kabĕdasan.

Hartina ijeu dongeng: kalakoean ĕmbe lalaki eta ngaboektikeun omong paribasa, djĕlĕma koemaki palatat-polotot samemeh tiwas, ari geus tiwas ngalehleh.

__________

8.

KALDE, MANOEK GAGAK DJEUNG NOE NGANGON.

Hiji kalde keur njatoean djoekoet di tĕgal, ditoempakan koe gagak matjokan bahakna.