Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/14

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
8

5.

OETJING DJEUNG TITIRAN.

Aja titiran ngopenan kalakoean oetjing, oenggal-oenggal powe anakna sok dipindah-pindah, tjek titiran teh: Oetjing, maneh naha reja teuing akal, ngarah kasalamĕtan anak teh, oelah datang ka dinjĕnjĕri koe satroe, saha noe mapatahan ati-ati kitoe?

Oetjing ngawangsoel: Kanjaho sorangan bae, taja noe mapatahan; balikan maneh, saingĕt kami, teu kapanggih mindah-mindah anak, noe matak rĕmĕn sok ditjokot koe djĕlĕma djeung koe kami.

Hartina ijeu dongeng: djalanan jatna koedoe ngawaskeun kasalahan anoe sedjen, eta ngaran kapintĕran, noe hade noe goreng beunang dipake tjonto.

__________

6.

BEURIT DJEUNG LANDAK.

Keur oesoem tiris aja landak djeung beurit-tjantoeng. Landak boga pamenta ka beurit-tjantoeng, hajang mondok dina lijangna, soepaja bisa njingkahan tiris.

Beurit gantjang bae nitah asoep kana lijangna, tapi landak barĕng geus asoep kana ĕnggon beurit, tjitjing bae teu bidjil-bidjil, toeloej ngeunah-ngeunah bae, dĕpa dina lijang beurit. Noe boga lijang teh, ngentja-ngatoehoe, koekoerilingan teu bisa asoep, tina heurin kaboerang koe soedji rangsĕb, geus teu meunang tjitjing, katjotjog koe boeloe semahna.

Dina mangsa harita beurit-tjantoeng katjida kadoehoengna, roemasa meunang salah, datang ka bidjil omongna ka landak: Ajeuna koela geus teu bĕtah njorangan di loewar, ari asoep ka djĕro heurin, teu asoep diĕnggonan koe doewaan, ajeuna sakadang landak geura oendoer, oelah aja di lijang koela.