Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/13

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
7

Teu pati lawas eta titiran rek dipanah koe paninggaran; barĕng keur diketjeng panahna, titiran tea mah teu njahoeun rek dipanah, tatapi njiroean hanteu samar kana manoek noe noeloengan njait manehna basa tikoentjloeng, gantjang njiroean hibĕr tjara angin, ngadjodjo bitisna noe rek manah manoek teja; tjĕlĕtet bae diseureud paninggaran teh, ngagoeroeboeg teu toeloes manah manoek teh. Titiran hibĕr lesot tina balai, noe bakal djadi katiwasan manehna.

Hartina ijeu dongeng: hanteu dipentaän toeloeng oge, lamoen daek toetoeloeng ka noe lijan, nja maneh bakal ditoeloengan deui.

__________

4.

MOEMOELE PARE.

Aja boedak lalaki doewa, anak noe tatanen, aroelin di sawah bapana; boedak noe hidji ngomong: Itoe pare geura tendjo, noe geus toengkoel djeung noe tanggah keneh, noe keur toengkoel sĕmoe aloem, hanteu hoerip tjara noe keur tanggah keneh!

Boedak noe hidji deui ngomong: Kolot teja bae kitoe, tjoba dewek djadi bapa, eta pare noe toengkoel teh diraboetan bae dipitjeunan kabeh, tinggalkeun noe tanggah keneh.

Bapana ngadenge boedak keur ngaromong, tjarek bapana: Beu, hade pisan pirĕmpoeg maneh noe kadenge koe aing, eta, lamoen maneh teu njaho, eta goreng pamoemoele maneh, teu njaho di anoe hade; pare noe teu dipikaresep koe maneh, nja eta pare noe hade; noe matak toengkoel bawaning bĕrateun koe bejas, ari noe taranggah eta gaboeg kabeh; mangka waspada anak aing kabeh, adat watĕk djĕlĕma nja tjara pĕtaning tandoeran aing pare; djĕlĕma taja kanjaho, angkeuhna rek ngoengkoelan ka noe boga pangabisa.

__________