Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/12

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
6

ngomong: Matak ngewa teuing koe singa-barong, tjatjakan kami lamoen pĕrang di mana bae kapanggihna, wani bae diadoe pĕrang tandingan djeung singa-barong. Singa-barong ngomong barina seuri sarta ngahina, pokna: Montong njaploek sija rambĕtoek! Gantjang bae hibĕr, toeloej asoep kana lijang, iroeng singa-barong, bari njotjoan di djĕro iroeng; singa-barong teh ambĕk katjida bari njakaran hoeloena bae, datang ka rawek, raraheut, baloboran, gĕtihan; ari geus karasa njĕri, singa-barong tobat, bari ngakoe jen eleh.

Rambĕtoek teh boengah katjida tina sabab meunang pĕrangna, bidjil tina iroeng singa-barong, toeloej hibĕr; karĕpna rek oewar-oewar ngabedjakeun meunang pĕrangna djeung singa-barong, samalah pikarĕpeunnana sato-sato oge rek dibedjaän kabeh, tatapi bawaning roesoeh teuing hibĕrna, rambĕtoek teh naradjang rambat lantjah, geus teu bisa oesik, bakal manggih paeh di dinja. Rambětoek meunang soekĕr katjida, ari bijeu pĕrang djeung singa-barong, lain tanding, bisa meunang pĕrangna.

Hartina ijeu dongeng: djĕlĕma koemaki matak tereh meunang tjilaka, sĕrta maneh lamoen meunang padoe atawa gĕloet, oelah sok soesoembar teuing, masing ingĕt mangke di hareup aja noe malĕs, tjara rambĕtoek tiwas koe ramat tataheunan lantjah.

__________

3.

MANOEK TITIRAN DJEUNG NJIROEAN.

Aja njiroean kasaätan, rek nginoem kana pantjoeran, tisorodot, kĕtjĕmploeng titeuleum, meh paeh; doemadakan aja titiran keur eunteup, neundjo njiroean titeuleum, karoenjaeun titiran teh, ngageuwat mĕtik dangdaoenan, diragragkeun kana tjai; njiroewan teh ngarajap kana dangdaoenan, teu toeloes manggihna pati.