Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
5

1.

MANOEK GAROEDA DJEUNG GAGAK.

Aja garoeda tarik pisan panjambĕrna anak ĕmbe, diranggeum toeloej bae dibawa ngapoeng. Dina mangsa harita aja manoek gagak njahoeun, kabitaeun pisan njeueung tingkahna garoeda teja, pikirna gagak teh: Naha kami lamoen noeroetan tjara kitoe, mowal katoeroetan? Ari geus ngomong kitoe, gagak teh nendjo ĕmbe badot, gagak hibĕr moeloek pisan, ari ti loehoer monteng ka handap tjara garoeda, gĕproek gagak teh njambĕr kana ĕmbe badot sarta diranggeum. Barĕng rek dibawa hibĕr, soekoena kapoekĕt koe boeloe soesoeri ĕmbe; geus teu bisa hibĕr, kaboro koe noe ngangon, gantjang gagak teh ditjĕkĕl diteukteukan djangdjangna, toeloej dibikeun ka anakna, dipake karĕsĕpan boedak. Tjarek anakna noe hidji: Bapa eta manoek naon? Tjarek bapana: ljeu manoek teh hajangeun bisa noeroetan garoeda, tapi saäjeuna tetela jen manoek gagak.

Hartina: oelah wani-wani njorang sagala kalakoean, noe teu pikadjoengdjoengeun koe awak maneh atawa koe tanaga maneh, sabab taja noe pinoeloengeun katiwasan djeung wiwirang maneh kadjaba boedi maneh, noe koedoe ngira-ngira ngoekoer ka koedjoer nimbang ka awak.

__________

2.

RAMBĔTOEK DJEUNG SINGA BARONG.

Dina hidji powe aja singa-barong hidji, katjida ambĕkna, loeloempatan bari asoep bidjil tina leuweung, barina ngagĕro sĕsĕgor, sato-sato pada giras sijeuneun. Kadenge koe rambĕtoek, garetekeun katjida ka singa-barong, rambĕtoek