Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/10

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
4

deui, orang mindĕng soesah njĕboet, basa mana djinisna, koedoe koe noe leuwih ngarti, djeung noe njaho di reja-rejana basa.

Soegan leukeun lalaoenan, dikeureujeuh mĕngke bĕrsih, kapanggih asalna pisan, ana diotjek dioelik, lamoen hanteu dipikir, lila-lila ge kalipoet, kalipoetan asalna, noe matak kawoela moedji, atoh pisan ka kĕrsa anoe kawasa.

Eta dongeng anoe reja, teu dianggit make dangding, ngan make pada kalimah, lain soesah njijeun dangding, ngan eta leuwih hasil, tara kasĕdĕk koe lagoe, tjarita bisa kĕbat, tara katarik koe dangding, didangoena ngeunah gampang kahartina.