Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/9

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
3

Oepama lalab-lalaban, ĕnja matak mawa sari, mawa ngeunah kana dahar, tapi eta hanteu wadjib, teu njĕgĕrkeun ka diri, lamoen lalab tinggal sangoe, hanteu toeloes ngeunahna, tjarita nja kitoe deui, ijeu dongeng nja eta misil sangoena.

Ijeu dongeng hanteu pandjang, pondok oge tapi hasil, sababna djadi ibarat, ngibaratkeun kana diri, pihatoer noe ngagoerit, moegi aja tjoekoep loemoer, sadaja anoe matja, mana koela koemawani, noekil boekoe disalin koe basa Soenda.

Teu nijat pipintĕranan, ngan tina koe atoh pikir, ngiring kĕrsa noe kawasa, Goepĕrnĕmen anoe adil, kĕrsa ngabangoen deui, basa Soenda noe kalipoet, tanda jen kalipoetan, boektina di Soenda sĕpi, hanteu aja boekoe woengkoel basa Soenda.

Reja make doewa basa, nja eta salah-sahidji, Malajoe atawa Djawa, nja bĕnĕr hade teh teuing, kaäsoep djalma radjin, ngarti Djawa djeung Malajoe, tatapi oelah tinggal, basa asal nini-aki, mangka natrat basa asal toetoeroenan.

Kawoela soekoer ka Allah, goesti anoe sipat rahim, sareh kĕrsa noe kawasa, Soenda dihoedangkeun deui, oepama anoe gĕring, ajeuna eukeur mamajoe, ngan tatjan tjageur pisan, manawa sakeudeung deui, moega-moega sing toeloej djagdjag waringkas.

Anoe matak basa Soenda, diseboetkeun hoedang gĕring, tapi tatjan djagdjag pisan, boektina tatjan walagri, basana tatjan bĕrsih, tjampoer Djawa djeung Malajoe, soemawon basa Arab, eta noe reja teh teuing, malah aja noe ĕnggeus leungit djinisna.

Koela lain pisan ngoepat, geus karasa koe pribadi, poegoeh koela oerang Soenda, tatapi hese teh teuing, noelis soepaja bĕrsih, masing basa Soenda woengkoel, tatapi tatjan bisa, sangkilang diati-ati, koedoe bae aja basa noe njampoeran.

Djeung tambah soesah misahna, dina prakara sahidji, kapake koe reja basa, Soenda Malajoe sadjinis, Djawa nja kitoe