Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/8

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
2

Ngan djadi pĕta oepama, sato-sato noe digoerit, bisa ngomong tjara djalma, geus tangtoe kitoe teh teuing, djeung tjara eta deui, dongeng-dongeng noe disĕboet, keur pieunteungeun teja, nilik dirina pribadi, naon-naon lampah salah kanjahoan.

Lamoen ĕnggeus kanjahoan, leungitkeun atawa salin, djeung deui leuwih ngeunahna, njaho salahna pribadi, tina ĕnggeus kaboekti, kasorang koe lampah batoer, nja eta dina tjrita, ingĕtkeun diri pribadi, tangtoe ngeunah batan kapanggih koe kantja.

Lamoen kasalahan oerang, hanteu kapikir pribadi, kanjahoan koe noe lijan, diseboetkeun djeung digeuing, tangtoe ngarasa isin, koe sabab eta sakitoe, sĕdja djasad-kawoela, ijeu dongeng misil-misil, djadi eunteung keur ngeunteungan lakoelampah.

Aja tjatoer pari-basa, leuwih kaoentoengan diri, meunang tjonto ti noe lijan, lain ti diri pribadi, oepama djalan roegi, noe geus kasorang koe batoer, eta leuwih hadena, batan kasorang pribadi, bisa jatna noelak karoegijan eta.

Sangĕt panĕda kawoela, ka Goesti raboel alamin, ijeu teh djadi manpaät, keur watjaeun moerangkalih, soepaja djadi lantip, ahirna manggih rahajoe, anoe kagoengan poetra, oelah rek koerang pamĕrdih, ka poetrana sing matja ijeu tjarita.

Malaoer djeung matja tjrita, anoe bohong taja hasil, matak bae kasamaran, manahna maroerangkalih, maroekan ĕnja boekti, noe disĕboet sakti-wĕdoek, boga pikir noeroetan, hajang wĕdoek reudjeung sakti, anoe kitoe eta kasasar pikirna.

Nja eta lantarannana, tina asal moerangkalih, rĕsĕp matja reudjeung nanggap, tjarita anoe soemakti, hanteu dipikir deui, diandĕl sapokna kitoe, kawoela lain njawad, ka djalma noe rĕsĕp ngadji, tjrita Rama djeung lalakon Angling-darma.

Eta hade pisan watja, baris ngaboeboengah ati, dina waktoe raramean, djeung deui keur moerangkalih, diadjar basa kawi, atawa soeroepan sĕmoe, keur djadi mamanisna, tapi oelah woengkoel teuing, manis bae taja pihasileunnana.