Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/7

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

DONGENG-DONGENG

PIEUNTEUNGEUN.


1.


POEPOEH SINOM.


Ijeu teh anoe dikarang, dongeng-dongeng baris misil, tjrita baris ibarat, beunang leukeun koela noekil, asalna noe disalin, basa Djawa beunang ngatoer, ari asalna pisan, dongeng beunang noekil deui, tina boekoe Walanda disalin Djawa.

Toewan Winter djoeroe-basa, djĕnĕngannana noe nganggit, mindahkeun ka basa Djawa, ajeuna disalin deui, disoendakeun sakali, koe kawoela oerang Garut, ari anoe dipalar, oerang Soenda tambah radjin, reja tjrita baris eunteung kalakoean.

Dina jĕro ieu kitab, reja tjonto nu geus boekti, boekti kajadiannana, noe hade goreng kapanggih, jeung reja baris misil, dongeng sato beunang ngatoer, oelah rek salah paham, koedoe misilkeun ka diri, oelah pisan salah tampa sahinasna.

Lamoen dipikir salantjar, meureun disĕboet moestahil, sato bisa tjara djalma, nja eta lain teh teuing, ngan njijeun baris misil, keur njoeroepkeun kana lakoe, ngoepamakeun ka awak, nanding-nanding kana diri, gagal pisan lamoen disalahkeun larap.

1