Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/39

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

33

42.

HAJAM DJAGO DJEUNG INTEN.

Aja hajam djago langlajeuseun koerang parab, ngoreh dina keusik, nimoe intěn gěde sahidji. Barěng nendjo intěn, hajam djago teh ngomong: Tada teuing boengahna toekang njarawedi, lamoen nimoe intěn ijeu; ari lěbah kami mah, měnding nimoe bejas sasiki, manan nimoe intěn sarewoe noe tjara ijeu!

Hartina ijeu dongeng: naon anoe djadi radjěki, noe matak ngoewatkeun kana badan, hanteu beunang digantian koe noe lijan, nadjan roepa sosotja.


43.

BAGONG DJEUNG MEJONG TOETOEL.

Aja hidji bagong keur ngasah sihoeng dina tangkal kosambi, digeunggeureuhkeun koe mejong toetoel, pokna: Maneh teh keur naon? Wangsoelna: Kami keur ngomean pakarang paranti ngalawan moesoeh, bisi aja satroe rek nganiaja ka kami. Tjarek mejong toetoel teh: Rasa kami mah teu pati pěrloe, sababna tatjan aja moesoeh pikarisieun maneh. Tjarek bagong: Nja eta sababna koe kami noe matak dikědap, ari geus beh mah moesoeh, mowal kaoer ngasah sihoeng, ngan kari: taroeng bae, leuwih hade sadija samemeh nĕpi kana gawena.

Hartina ijeu dongeng: noe pintěr ati-ati keur mangsana salamět; ngingětkeun atawa njadijaän baris noe pikapakeeun mangke, bakal noelak balai; ari datang kana mangsana ngan kari make bae; sagala kalakoean noe kasĕlĕpĕk, arang-arang aja hasilna, nja leuwih hade sadija ti awalna. Dongeng-dongeng pieunteungeun (Soendaasch). 3