Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

34

44.

TJIOENG DJEUNG KOETOEK-KOETOEK.

Aja tjioeng aboes kana paroempoeng, diarah koe koetoek-koetoek, tapi matjokna atawa njakarna koetoek-koetoek teh hanteu něpi, sabab djěro paroengpoengna. Tjioeng ngaděděmpes di djěro paroengpoeng, koetoek-koetoek tjitjing ngadago di loewar, ngarah bidjilna; tjioeng garetekeun, bidjil napsoena, pok soesoembar: eh toekang maehan, koemaha aing teh koedoe sabar bae, oelah ngalawan ka maneh, heg rasakeun koe maneh, apěs-apěsna mata maneh sahidji bakal djadi wadal.

Sanggeus soesoembar kitoe, tjioeng teh toeloej bidjil, koetoek-koetoek njingkah api-api sijeun, tjioeng soesoembar deui pokna: eh koetoek-koetoek masing ati-ati, oelah njingkah. Koetoek-koetoek naradjang, njamběr deui tjioeng, diranggeum toeloej dibawa.

Hartina dongeng ijeu: lamoen maneh diarah koe noe saloehoereun maneh pangawasana, ari meunang keneh njoempoet mah, montong dilawan, tina wawanen maneh toengtoengna matak tiwas; oepama bonteng ngalawan kadoe, tangtoe bontengna anoe lěboer.


45.

PEUTJANG DJEUNG KOEJA.

Aja hidji peutjang mojok koeja, sapedah teu bisa gantjang; koeja ngawangsoel: ĕnja bae leumpang aing kěndor, tapi lamoen balap djeung maneh kadoega. Gantjang bae peutjang nangtang bari seuri barĕng leumpangna; ari koeja leumpangna ngagělěsĕr bae sarta troes hanteu eureun-eureun,