Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

tjara peutjang, mejakkeun karosaännana, loeloentjatan ngentja ngatoehoe, kakara meunang saténgahna pangbalapan, geus tjape balas loentjat teuing, toeloej eureun bari heës sakeudeung. Omong peutjang: Doewa atawa tiloe loentjat oge kami bisa njoesoel si koeja. Peutjang ngeunah-ngeunah bae heës, hoedang soteh kaget koe noe ngagěděr seuseurian noe nongton djeung noe njaksian; toeloej loempat moeroe pawatesan babalapan, tapi teu loeloes, karana koeja noe heula datangna kana watěs teja.

Hartina ijeu dongeng: hade noe ngeureujeuh sarta těměn wěkěl manan noe gantjang reureundahan atawa gantjang pintjang, měnding laoen ngagembol.



46.

KELENTJI.

Aha hidji kělentji keur njatoean dina djoeket, teu lila ngadenge goeroetoek-goeroetoek koeda tjongklang djeung sora djalma reja; omongna kělěntji: Sora eta kawas anoe rek moro, toeloej njoempoet; noe toempak koeda teh ngaliwat bae teu ngopenan kana kělentji; toeloej kělentji bidjil tina panjoempoetannana, bari ngomong pokna: eh kami mowal loempat, sabab taja noe ngopenan, kadoewana djalma noe nendjo ka kami sěmoe rada sijeuneun. Teu koengsi lila aja djalma ngawaskeun, api-api noe sijeun dodongkoan, tjarek këlëntji: tah noe matak kami hamo loempat, mowal aja pikarisieun, djalma oge sijeuneun koe kami. Bareng bidjil omong kitoe, dibědil koe djalma paboeroe teja, toeloej paeh.

Hartina ijeu dongeng: teu aja balai noe leuwih gěde kadjaba magar maneh taja pibalaieun, tinggal tjaringtjing.