Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

47.

TJAREUH DJEUNG OERANG LEMBOER.

Aja bidji tjareuh asoep ka boeroean oerang lěmboer: bareng geus njatoe djapati, bidjil sědja rek balik, papapag djeung noe boga lěmboer, tapi tatjan nangen djapatina dihakan koe eta, ngan soepaja eta tjareuh moepoelihkeun maneh, roemasana geus kanjahoan, omongna: Sampejan tadi isoek-isoek geus hareugeu, tatapi koela sorangan tara open kana djapati, ngan tjareuh noe loba noe sok njatoean djapati teh, ari kawoela mah tara pati kitoe. Oerang lěmboer lemek: Tah aja keneh noe boga dosa teh, baroedak paehan eta tjareuh sok njatoean djapati teh. Gantjang anak-anakna pada nareunggeulan tjareuh, datang ka paeh.

Hartina: oelah sok pertjaja ka djalma sok mihade maneh, krana ari djalma hade mah tara moedji maneh djeung djalma boga dosa radjeun bidjil ti sorangan. Tjarek paribasa: kalapa bidjil ti tjoengap.



48.

DJALMA TOEKANG NGALA KAI DJEUNG MONJET.

Aja monjet lila nendjokeun kalakoean toekang ngala kai, meulahna gěpak-gěpoek, bangga katjida keur těrap pantjir, ngarah babari beulahna. Pikir monjet teh: Naha eta djalma noe meulah kai teh kawas heseeun pisan, tjoba lamoen kami moal hese tjara kitoe, krana geus ngintip kalakoeannana, kami kadoega toempangan oge, geus tangtoe gampang bae, moal kitoe. Barěng toekang kai keur pareng eureun njingkah tidinja, monjet gantjang bae toeroen ti loehoer kai ngaraboet pantjir, noe keur nantjéb dina kai keur dibeulah;