Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/43

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

baréng pantjir diraboet, kai noe keur dibeulah teh ngaděmpet soekoe monjet, teu lila datang toekang kai teh, monjet ditjěrěk beunang.

Hartina ijeu dongeng; rorosaänan sarta boemisa matak tiwas.


49.

KOEDA KOLOT.

Aja hidji koeda aloes, teu koengsi lawas djadi kapibanda koe noe soegih, teu kakoerangan hakan, djoekoet soemawonna pare; ari gawena hampang, oenggal ditoempakan koe noe boga, matak heran noe neuleu sarta diaralēm koe djalma reja; beuki lawas beuki kolot. Barěng djoeragannana geus paeh, eta koeda didjoewal koe ahli-warisna ka soedagar, toeloej dipake momot. Koeda teh katjida prihatinna bawaning tjape balas dimomotan, sarta soesah koe hakan, dieutik eutik marabannana, djeung djoekoetua goreng, noe dihakanan koe koeda teh. Barěng aral koe papastenna, koeda momot batoerna njarekan ngawéwěleh, tjarekna: Koemaha noe matak aral teh, teu roemasa dewek djeung silaing teh dibakoekeun kana momot, djeung deui teu roemasa diparaban, sababaraha lobana sato-sato noe beurat koe gawe alah batan oerang teu boeroeng hiroep, ari silaing katjida pisan nja aral, matak woewoeh-woewoeh karoeksakan awak bae.

Wangsoelna koeda kolot teh: Běněr pisan omong maneh sakitoe, tatapi koedoe ka noe pantar maneh, lamoen kami geus tabah ti ngongora mah dimomotan, tangtoe lemek tjara oetjap maneh, ari noe matak djadi soekěr djeung teu koewat ngalakonan lain papantjen dewek, beda papantjen tadi djeung ajeuna.

Hartina ijeu dongeng: toeman noe matak djadi kangeunahan, hese gawe ari toeman ti ngongora djadi hampang.