Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

50.

MEJONG TOETOEL DOEA DJEUNG BOEDAK ANGON EMBE.

Aja doea mejongtoetoel kakoerangan njatoe, bangět teunangan, babarěngan leumpang djeung pada mejong nejangan hakaneun; nendjo ěmbe loba sarta lalintoeh araloes, gantjang mejong teh diboro koe boedak-angon djeung andjing-andjingna sabisa-bisana ngahalangan, geus mejong doea teh teu bisa nganteur pikarepeunnana, lantaran manoesa metakeun akal. Noe deukeut kadinja aja leuweung, noe hidji asoep ka leuweung eta, noe hidji deui ngaleungit miheulaän leumpangna, měgat di pidjalaneun ěmbe teja, seg tembong njingsijeunan kawas rek ngarontok anak ěmbe, noe ngangon madjoe bari ngahojah-hojah, digogogan koe andjing loba, mejong teh loempat, toeloej diboroan koe andjing, noe ngangon teu pati lila balik poelang moroan, ari datang kana ěmbe geus ngadjaloprak ěmbena, noe lalaki pangaloesna sarta panglintoehna leungit, dihakan koe mejong noe njoempoet teja ngarontokna gampang bae, batoerna noe dioedag-oedag teja dibagianan laoek ěmbe.

Hartina ijeu dongeng: balai eta aja noe teu beunang dikira-kira, ditaksir di noe aja, tampolana taja, dikira-kira taja, bět aja.


51.

KALDE NOE DIMOMOTAN.

Aja kalde dimomotan oejah, meuntas tjai. Bareng datang ka tengah tjai, toeloej děpa sakeudeung, nangtoeng deui geus ngarasa momotna hampang katjida, noe matak kitoe tina oejahna adjoer koe tjai. Nijat kalde akal kitoe