Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

gelna koe ngomong tadi, toengtoengna koeja teh ragrag, rěmoek pisan, balai noe kapanggih, djalanna nganteur kahajang djeung soeka dipoedji.

Hartina ijeu dongeng: manoesa eta kasēboet tjilaka, lamoen dibejakkeun teuing pikareupeunnana, anoe hanteu pisan pernah kana dirina, hajang ngarah tibra kana pikirna, tina karejaän teuing angkoh, seg bae manggih balai.



53.

PENDIL TAMBAGA DJEUNG PENDIL TANEUH.

Keur mangsa tjäah gěde aja pěndil doewa palid, noe hidji tambaga noe hidji deui taneuh, pada jatna, djaoeh bae pěndil taneuh kana pěndil tambaga teh. Lila -lila pěndil tambaga roemasa dipikasijeun, sarta katjida heranna, lemek pěndil tambaga teh: Noe matak maneh nganggangan teh naön sababna? oelah sijeun-sijeun, kami teu pisan-pisan boga nijat rek nganiaja ka maneh.

Pěndil taneuh ngawangsoel: Nja pěrtjaja ka omong maneh, jen hamo bakal ngopenan ka kami, tatapi oelah djadi ati, kami nganggangan soteh, tina asal kami djeung asal maneh sedjen, eta bae bisi papadoek-padoek, teu karana dinijatan, wantoe leumpang koe tjai, geus tangtoe kami noe bakal tiwas.

Hartina ijeu dongeng: djalma koering teu hade rapět teuing ka menak, sawab radjeun aja djalma noe tiwas, koe lantaran polah menak, lain tina dihadja.



54.

BAROEWANG DJEUNG NJIROEAN.

Aja baroewang ditapoek njiroean, katjida napsoena, moerang-mareng ka sakoer noe deukeut, koe manehna