Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

dinebrak-abrik, ngamoek ngentja-ngatoehoe. Tina bawaning motah ngamběkna, amběkannana kaämbeu koe njiroean loba, pada napoek kabeh sarta pada njeureud. Tina geus hanteu katahan njěrina, baroewang loempat noetoepan tjeuli, djadi njiroean katinggaleun, baroewang salamět.

Hartina dongeng ijeu: lamoen maneh dinjènjëri koe kantja, hade sabar heula bae, lamoen gantjang malės kabawa koe napsoe, loewangna sok tara meunang, malah tambah njěri bae.



55.

MANOEK GAROEDA, MEJONG TJONGKOK DJEUNG BAGONG AWEWE.

Di leuweung aja manoek garoeda, mejong tjongkok djeung bagong awewe, reudjeung saènggon. Manoek garoeda njajang dina randoe leuweung, mejong tjongkok aja di těngah-tengah tangkal eta, bagong awewe di handapeunnana njajang. Ari panggoreng-gorengna akal nja eta mejong tjongkok, sabab eta djadi karoeksakan manoek garoeda djeung bagong awewe. Toeloej mejong tjongkok teh datang ka hareupeun manoek garoeda omongna: Goesti gamparan teh koedoe ati-ati, aja noe rek niat awon ka gamparan sareng ka koering, eta koedoe oeninga jen eta bagong awewe lampahna sok ngagangsir akar tangkal ijeu, teu eureun-eureun panggangsirna, lamoen tatjan dongkap ka roentoeh mah, ngan saoepama kalakon roentoeh paněněda koering poetra gamparan sareng poen anak-anak moegi-moegi diraksa koe Goesti Allah.

Hatoerannana mejong tjongkok teh digoegoe, těmahna manoek garoeda kaängsonan gantjang nganjanaän goreng kana bagong awewe. Mejong tjongkok toeloej njampeurkeun bagong awewe bari ngomong, pokna: Koemaha maneh teu ngimpi, jen bakal kadatangan koe balai, di loehoer tangkal ijeu aja