Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

manoek garoeda ngěnggon, sok ngintip ka maneh, rek nijat goreng? teu aja deui bangsa manoek noe galak sarta gagah, sagala sato dihakan koe manoek garoeda, anak maneh djeung anak kami geus tangtoe tereh dipaehannana, tjoba tinggalkeun sakeudeung bae anak maneh mo boeroeng dihakan. Ti mangsa harita manoek garoeda teu leumpang-leumpang tina enggonna, bagong awewe nja kitoe deui, tina doeanana pada neundeun těrka. Ari mejong tjongkok nejangan hakaneun ti peuting bae, api-api soesah, matak bangět pratjajana manoek garoeda djeung bagong awewe, doeanana ngoeriling bae teu pětot ngadjagana di enggonna sorangan, něpi ka pada paeh langlajeuseun, anak-anakna toeloej djadi kahakanan mejong tjongkok.

Hartina ijeu dongeng: oelah rek nganděl ka noe sok beuki ngomong, sarta sok daek ngagorengkeun noe lijan, di alam doenja taja manoesa leuwih goreng tjara noe boga watěk kitoe, eta panggoreng-gorengna manoesa ngadoe-ngadoe, ngarah tjilaka batoer.



56.

MANOEK TJANGKOERILEUNG DJEUNG KAAK.

Aja manoek tjangkoerileung hajangeun njaho di tanah sedjen, disanggoepan koe manoek kaäk, toeloej pada hiběr, ngaliwat sagara, moeroe poelo noe aja leuweungan, geus tembong, toeloej didjoegdjoeg, saroepaning manoek dina leuweung eta pada ngaroeboeng kana manoek doea noe anjar datang, pada hajang njaho roepana. Manoek anoe geus pada papanggih pada kaget djeung heran nendjo roepana, aloes hideungna, gilap boeloena, manoek mangkoek pada nitah disada, saharita geus pada boengah-boengah hajang ngadenge sora manoek noe hade roepana, katjida pangeukeuh