Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/49

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

annana nitah disada kana kaäk, toeloej disada; barěng kaäk disada, manoek anoe katjida tadina kaget djeung heran, sanggeus ngadenge sorana, leungit heranna sèrta pada njěboet handjakal koe sora kaäk, ari patoetna aloes sorana teu ngeunah, teu bisa ganti-ganti sora teu matak heran; ari tadina pada ngalěm bae kana roepana, toengtoengna pada njeungseurikeun, pada mojok. Sabot pada ngaroeboeng kaäk, tjangkoerileung mah taja noe ngakoe-ngakoe atjan, tina roepana bělěwoek, teu matak pikarėsepeun. Tjangkoerilēng ngageuwat disada, kadenge koe manoek priboemi, sakoer noe ngadenge pada kaget pada heran, tjarek manoek mangkoek teh: Tah sora matak ngadatangkeun kaboengahan, tina sorana ngeunah djeung bisa ngadjombali, atawa ganti-ganti lagoena, malah anoe sok panastrenan oge rěsepeun, montjongok ngahoeleng ngadengekeun tjangkoerileung disada, kabeh manoek-manoek noe aja di leuweung eta pada moedji, pokna: Njolong bade, goreng roepana ngeunah sorana, tikěl sapoeloeh rěsep ka tjangkoerileung manan ka kaäk. Ti harita tjangkoerileung pada ngadjenan, kaäk dimomorekeun bae.

Hartina dongeng ijeu: djalma ginding hade djědjěr geus tangtoe ditaksir reja kabisana, ana geus katangen taja kabisa, dipojok sarta dimomorekeun; sanadjan djědjěrna teu pati hade, taja banda, lamoen boga pangabisa, tangtoe diadjenan sarta dipikarěsép.



57.

MANOEK DJOGDJOG DJEUNG SAWEUJ.


Aja manoek djogdjog beunang koe saweuj, sasambatna ngalēngis malar dipikaroenja, menta ka loear; noe boga saweuj karoenjaeun, geus aja pikirna rek dileupaskeun; pok deui bae manoek djogdjog teh ngomong hajang geura heg