Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/50

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

dileupaskeun: Lamoen kaoela dileupaskeun, kaoela sanggoep ngitjoek-gitjoek manoek noe reja, soepaja beunang koe saweuj, minangka djadi paněboes diri kaoela. Wangsoelan toekang njaweuj: Hamo keuna pangolo maneh ka aing, ajeuna maneh geus tangtoe dipaehan, tadina aing aja pikir watir ka maneh, sanggeus maneh tembong boga omong děngki ka batoer, djadi aing geuleuh ka maneh.

Hartina; sanadjan maneh meunang tjilaka, oelah tinggal pikir kaoetamaän, aja ogé arěp-arěpeunnana, tina djalma dengki ka batoer, soepaja manehna salamět kadjeun batoer tjilaka, toengtoengna rek salamět oge hanteu toeloes.




58.

MENTJEK.


Aja mëntjëk awewe geus kolot, magahan ka anakna lalaki omongna: Agoes maneh oelah wani-wani ngambah leuweung eta, sabab aja maoeng matoeh didinja, lamoenna njahoeun aja maneh, geus tangtoe toeloej bae ngarontok ngahakan ka maneh. Anak měntjěk nanja ka indoengna: Indoeng sampejan kintěn-kintěnna jasa nganteur, kaoela hajang ditoedoehkeun djiga naön roepana teh satroe noe matak sijeun. Wangsoelan indoengna: Hanteu kadoega nganteur mah, ngan roepana indoeng bisa mětakeun sarta gědena matak sijeun katjida, matana montjorong sěmoena ngarah pati bae, soengoetna lamborok koe gětih, eta kabeh noe djadi paněngěrannana matak gila bae, malah djeung singa djeung baroeang matak sijeun keneh maoeng bae. Tjarek anak měntjék teh: Indoeng lamoenna kitoe mah patoetna, sarta matak sijeunna eta maoeng teh, kaoela panoehoen katjida, koe panteg hajang oeninga, koe indoeng koedoe dianteur. Sanggeus ngomong kitoe, toeloej boengah-boengah loeloentjatan moeroe kana