Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/51

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

leuweung eta, kapanggih maoengna keur děpa dina djoekoet, měntjék leutik barěng neuleu ka maoeng ngaranděg sakeudeung, omongna: Eta mah lain maoeng da roepana aloes, boeloena loewis, naon noe matak sijeun teh, omong indoeng, soengoetna lamborok koe gětih, geuning hanteu, ngan matana noe montjorong, tapi sěmoena teu ngarah pati, ngan gilar-gilěr djeung aloes bae, kami kadoega bae ngadeukeutan. Teu lila toeloej bae dirontok koe maoeng. Bareng ngarasa jen bakal manggih pati, sedjen pikirna djeung noe geus diomongkeun tadi, kakara nganděl ka omong indoengna.

Hartina: oelah poho-poho sapapandjangna, jen sipat goreng eta teu koedo-koedoe matak sijeun, nadjan roepana matak résẽp oge, hanteu kapianggeuhan.




59.

OERANG LEMBOER, ANDJING DJEUNG MEJONG TJONGKOK.

Aja hidji oerang Lěmboer, keur wantji peuting poho teu meundeutan lawang parandje hajam; barěng noe boga imah djeung andjingna geus heës, mejong tjongkok datang asoep ka parandje hajam teh, sarta maehan hajam, toeloej dibawa sakoewat-koewatna. Isoek -isoek noe boga njahoeun jen hajamna paraeh, napsoe katjida, andjingna digěboegan, djalan katjida teuing heës, hatoerannana andjing: Geus lěrěs pisan koering diběndoean koe adjěngan, tatapi hoekoeman adjěngan ka koering lěrěsna koedoe dimanah heula jen adjěngan koe andjeun anoe maparin toeladan reja ka koering.

Hartina ijeu dongeng: oelah sok njontoan goreng ka noe sedjen, krana lain matak goreng ka noe sedjen bae, ka maneh ge matak tiwas.