Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/52

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

60.

PANTJOERAN DJEUNG DJALMA LOEMAKOE.


Dina hidji mangsa keur panas bangét aja hidji djalma keur loemakoe, manggih pantjoeran herang pisan tjaina, djalma teh leumpangna gagantjangan moeroe eta pantjoeran, tina bawaning panas kesangna lokot, tikorona toehoereun, hajangeun nginoem; barang něpi kana pantjoeran, légoek nginoem liwat ti oeroesan, teu lila karasa njēri beuteung; djalma teh ngomong bari měntjetan beuteung, pokna: He tjai tjilaka, saha noe njana, jen ijeu tjai baroewang, tina roepana herang matak kabita, teu njana bět matak njëri beuteung.

Pantjoeran ngawangsoel: Maneh ngagorengkeun ka kami, ngangaranan baroewang, tjoba koe maneh tendjo sagala djoekoet djeung tatangkalan, sakoer noe deukeut ka kami, kabeh pada haredjo, maroeloes, nja kitoe deui sato-sato sakoer noe nginoem ka kami, kabeh pada djagdjag tangginas lalintoeh, kantja maneh manoesa ge pirang-pirang noe nginoem kadijeu, hanteu naon-naon, sabab maneh njēri beuteung, tina tinggal pěrjoga hanțeu ati-ati.

Hartina ijeu dongeng: sagala noe aloes-aloes, noe seungil-seungit, noe ngeunah-ngeunah, lamoen métakeunnana tinggal doega djeung kira-kira sarta teu ati-ati, sok djadi njilakakeun ka diri, sanadjan tjai djadi baroewang, ana nginoemna hanteu djeung pěrjoga.




61.

OENTJAL DJEUNG ADJAG.

Aja oentjal djeung adjag, adjag panastren kana oentjal, ari omongna, mimitina mah moedji: pokna: Silaing aloes katjida, bari sěgoet, ngan handjakal leutik teuing soekoe.