Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

47

Oentjal ngawangsoel: Kami roemasa ditjawad koe maneh, tatapi da geus kijeu dikërsakeunnana koe Goesti Allah, kami narima bae, kakara kapanggih ajeuna tjatjad kami diseboetkeun koe anoe panastren .

Hartina ijeu dongeng : adat djalma panastren, ana moedji sok itoengtoengan koe pamojok.


62.

SOEMPAH MAOENG TOETOEL.

Maoeng toetoel keunakoe tataheunan oerang lěmboer, bidjil soempahna bangět : Lamoen sakali ijeu dileupaskeun, mowal njatoe-njatoe deui daging, rek njatoe dangdaoenan bae, gěde -gědena njatoe laoek tjai. Noe boga ataheunan ngagoegoe, maoeng toetoel dileupaskeun, toeloej loempat bari djidjingklak, loempatna tatjan pati djaoeh, manggih bagong keưr goejang, omongna: Dalah ijeu sato aja dina djěro tjai, nja ijeu laoek tjai teh , teu kaäsoep kana soempah kami. Gantjang bagong teh dirontok , sarta toeloej disosowek.

Hartina ijeu dongeng : soempah djoeroe-djana lain anděleun, saha -saha noe boga karěsép ngalakoekeun panggawe goreng, hanteu koerang piomongeun atawa pidakoeeun.


63.

KALDE, ADJAG DJEUNG SINGA.

Aja kalde kĕlĕndoeng-kĕlĕndang njaba leuweung, babarĕngan djeung adjag kana ĕnggon singa, tembong ti kadjaoehan, tetela singa, adjag teh kĕtir, balai bakal