Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

48

němah ka awak, tatapi sanadjan boga pikir sijeun, nangankeun maneh bae, njampeurkeun ka singa, nijat meuli-meuli ati, api -api teu sijeun. Omongna : Noe matak koering doemeuheus ka gamparan, soemědja njanggakeun daměl koering: sarebna koering geus oeninga kasaean manah gamparan, wĕlas ka diri koering, ajeuna koering sědja naros ka gamparan, manawi gamparan hojong toewang daging kalde, batoer koering sasarěngan, koering ěnggeus ngadaměl piloewang keur miloewang kalde, koering sědja bakti ka gamparan.

Wangsoelna singa -barong: Katarima pangbakti maneh koe kami. Teu lila kalde tigoebrag kana piloewang, beunang adjag teja, kalde ngaringkoek hanteu bisa handjat, singa soerak bari njampeurkeun ka adjag, sarta ngomong : Ijeu kalde ĕnggeus milik kami, tatapi samemeh kami moerak kalde, maneh heula bakal dipake ampěr-ampěr. Adjag toeloej dirontok.

Hartina ijeu dongeng: saha-saha djalma njijeun lombang keur naheunan batoer, manehna sok tigoebrag; djalma děngki ka batoer, loembrahna manehna heula tiwas.



64.

BADAK DJEUNG GANGGARANGAN.

Dina hidji powe singa didareuheusan koe sagala sato. Badak, noe goreng bangoenna sarta hanteu serewel, ganggarangan bangoenna tjangkěr sarta serewel; djadi sagala sato pada ngaroeboeng ka ganggarangan bae, djeung pada maroedji tegěpna, tjangkērna djeung serewelna; sato-sato arasih kadinja diadjak sosobatan. Ari badak mah pada ngadjeunkeun bae, taja noe miroseja, malah lamoen hanteu sarijeuneun koe rosana, pada marojok bae, tina goreng patoetna , badigoelna djeung dagilna.