Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/55

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

49

Tatjan aja saboelan lawasna singa geus leuwih doewa poeloeh prakara narima pioendjoek ganggarangan ngistorikeun batoerna, teu koe hanteu bae dipigorengna, ari ti badak mah tatjan aja hidji prakara ngagorengkeunnana ka batoer-batoerna, malah rěměn mere kahakanan; sagala sato-sato geus njaho, jen ganggarangan goreng atina, poerah istori, badak anoe loenggoeh sarta saleh.

Dina waktoe koempoelan deui, kabeh sato -sato pada ngadareukeutan ka badak, loemah-lameh nandakeun ngadjak sosobatan, katendjo koe singa jen sato kitoe pamolahna, beda djeung sasari, singa mariksa ka patihna, nja eta gadjah, pokna: Koemaha sababna eta sato-sato kabeh mana beda djeung sasari? tadina sěmoe arasih ka ganggarangan, ajeuna bět pada ngaroeboeng ka badak, sěmoe asih kadinja? Patih gadjah ngawalon: Soemoehoen timbalan, tadina kabeh pada arasih ka ganggarangan, sabab serewelna, ahir-ahir kapanggih tjidrana, hadena ngan watěs biwir, hanteu tēroes kana ati, hade anoe tjitjing teja, ēnja sadjongdjongan hanteu matak resep , tatapi lila- lila karasa hadena.

Hartina : djalma hade ati, běněr lampah , sanadjan hanteu matak résẽp sadjongdjongan, laoen-laoen dipikarěsép; kitoe deui djalma manis lamběj, sekeudeung matak résép, laoen-laoen matak geuleuh.



65.

AHLI-WARIS.

Aja oerang lěmboer gětol , boga anak hidji lalaki hanteu anggěr pikirna, sapaninggal bapana boga kebon léga dipělakan palawidja roepa-roepa, dipagěr koe dadap ti tinggal bapana, omongna: Hanteu kaharti koe karĕp bapa, ijeu kěbon dipagěr koe dapap, teu aja hasilna, ngan ngaheurinan bae,

Dongeng-dongeng pieunteungeun (Soendaasch).
 

4