Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/56

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

50

sarta ngahijeuman. Sanggeus ngomong kitoe, dadap toeloej ditoewaran datang ka bejak pisan. Sanggeus lenglang kebon taja aling-alingna, sapi moending arasoep, ngaroeksak pěpělakannana, datang ka toempoer pisan; tidinja ngarti jen pagěr eta wadjib.

Hartina : oelah waka ngaroeksak talari kolot, lamoen tatjan kapikir hadena djeung pitěmaheunnana.


66.

MANOEK TJAKAKAK.

Aja manoek tjakakak, isoek-isoek euteup dina dahan kai sisi sitoe keur ngintip laoek, manggih tampele arēj-arějan. Tjakakak ngomong: Hih tampele pait! Leungit tampele, beh beunteur, tjakakak ngomong deui: Hih beunteur roengsėb! Bol deui tjorengtjang, tjakakak ngomong deui: Tjorengtjang laoek reja tjoetjoek, leuwih hade laoek emas atawa kantjra, wěleh hanteu tembong, beuki beurang ngintipna; tina ĕngeus beurang laoek laleutik oge hanteu aja, tjakakak soesah atina, laoek leutik hanteu diala, laoek gěde hanteu aja. Geus kitoe aja kantjra něnggak di tengah, tjakakak ngomong: Lamoen di sisi sija disamběr koe aing! Tapi laoek kantjra hanteu daekeun njisi. Tjakakak bati soesah bae, toeloej hiběr lengoh, di sawah manggih bangkong, disamběr beunang, tjakakak soeka ati, karana bangkong teh hanteu gagal.

Hartina ijeu dongeng: sagala kalakoean oelah kaleuwihan, lamoen aja pirědjěkieun atawa kaoentoengan noe enggeus tembong, oelah diliwat, tina sok hese deui kapanggihna. Moro djoelang ngaleupaskeun peusing.