Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/57

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
51

67.

DOEWA ĚMBE LALAKI, HIDJI AWEWE.


Ěmbe awewe njaho jen aja ěmbe lalaki keur diadoe, hajang ngarapihkeun, tapi teu digoegoe, katjida angkeuhna ěmbe awewe teh, nijatna hajang ngarapihkeun; ngomong sadjro pikirna: „lamoen dihalangan bowa lilir napsoena." Sabot ěmbe lalaki ngawahan rek neunggar, dihalangan koe ěmbe awewe těngah-těngahna, němpoeh bareng neunggarna, embe awewe ambroek paeh babar pisan.

Hartina ijeu dongeng: ngingětan ngarah roentoet hade pisan, tapi masing jatna, lamoen ajapih noe keur pada amběk, asoep bongan, radjeun tiwas sorangan.


68.

MONJET.


Aja monjet datang ka enggon toekang oekir artja di leuweung, heran nendjo kaäloesannana roepa-roepa; ditěgěskeun dioelak ilik, wantoening artja tangtoe tjitjing hanteu bisa obah. Monjet ngomong ka artja: nja hade roepa maneh, ngan tjatjadna bodo, teu boga akal sagěde tongo.

Hartina ijeu dongeng: roepa kasep kaoengkoelan koe kapintěran.


69.

ANDJING DJEUNG TOEKANG DJAGAL.


Mangsa toekang djagal keur ngeureutan daging, aja andjing datang njatoe daging beunang ngeureutan, sakeureut tina talěnan, gantjang dibawa loempat; dioedag koe toekang