Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
52

djagal, bari ditjarekan pokna: eh andjing, sija ngan sakali ijeu bae bisa maling daging anoe aing, ka hareup mah aing bakal ati-ati, soepaja sija oelah bisa maling deui!

Harlina dongeng ijeu: saha-saha noe enggeus katjingtjirihi, sok djadi pintěrna, bati djalan tina roegi.


70.

DJALMA MOERKA.


Aja hidji djalma boga kěbon, dipělakan djěroek paseh satangkal, leuwih amisna; oenggal-oenggal dipoepoe reja beubeunangannana ladang djěroek; djeung manebannana beuki katjida kana djěroek teh; tapi tatjan tibra pikírna: reh eta tangkal djěrock taljan dipindalkeun ka boeroeannana deukeut imahna. Toengtoengna dititah dipoetěr: bareng dipindahkeun toeloej aloem, lawas-lawas paeh pisan.

Hartina jeu dongeng: saha-saha noe karejaän teuing polah, loewangna sok manggih tiwas.


71.

SAPI DJEUNG LALEUR.


Aja hidji laleur eunteup dina tandoek sapi, omongna: Naha kami wani-wani eunteup dina tandoek, sapi maäp bae, tapi lamoen matak beurat matak ridoe ka maneh, kami meureun gantjang bae hiher deui. Wangsoelan sapi teh: Ontong djadi pikir, sabab teu karasa koe kami dieunteupan koe maneh teh, maneh biber ge teu karasa.

Harlina ijeu dongeng: kaleuwihan laleur ela djadi sindir